S 39 T 1958 TJARITA MANTRI DJERO
Total Page:16
File Type:pdf, Size:1020Kb
Universitas Indonesia Fakultas Sastra . :i Perpustakaan S 899.23? S 39 t 1958 TJARITA MANTRI DJERO K A R A N G A N R. MEMED SASTRAHADIPRAWIRA TJITAKAN KADUA S 6%,> ; S & (*.J t L%n5) 1958 DINAS PENERBITAN BALAI PUSTAKA DJAKARTA PERPUSTAKAAN F A K (JLTA iS -ViSSRSBtA. Digambaran ku I. Sjahri Dikaluarkeun ku Dinas Penerbitan Balai Pustaka Typographic sareng Njitak ku Balai Pustaka — Djakarta B.P. No. 827 Hak nu ngarang ditangtajungan ku Undang-undang I Rebun-rebun halimun pasusun-susun, ngarimbunan tatangkalan. Wawangunan djeung kakajon siga disangsangan kasang, disampajan boeh rarang. Raong hajam kongkorongok, sorana palambat-lambat. Sisi langit beulah wetan marabat pating arudat — balebat Retjet manuk disarada ; manuk tjatjing, tjangkurileung patembalan djeung saeran, ngabageakeun katineung : sarangenge nu muntjul luhureun gunung, tjahjana ngagebur hurung. Halimun nu pasusun peuraj njingraj lalaunan, njengled saperti lalangse, ngagulung kawas reregan. Lembur anu kapindingan, nu ngan tembong renggenekna, djadi atra katendjona : geus leungit aling-alingna. Sanadjan geus kahalangan ku mangpirang-pirang djaman, ganti taun ganti bulan, kaajaan bumi alam meh henteu aja robahna, kitu deui hawa napsuna djelema teu aja pisan mendingna. Ti bihari nepi ka alam kiwari henteu aja euih-euih, karepna ngan hajang leuwih ; dibelaan metakeun katelengesan, tega nunda kaadilan asal maksudna tin^kan, Teu ngingetkeun manusa, aja. nu-murba ; lain rempakeun, lawaneun ! Awal-ahir wawales tangtu tumiba, moal aja nu bisa manghalangankeun. 4 Tatapi sanadjan kitu, djelema taja euremma njoba-njoba ngarobah kulak-tjanggeumna. Ana henteu kadjadian : ngarasula, teu narima kana takdir anu ngawengku dirina. Geus leuwih tilu ratus taun lilana nepi ka ajeuna, sabagian Ta- nah Priangan tatar wetan, nu katelah Nagara Tengah, djadi pa- mungpungan nu njiar sandang-pangan, panjeundeuhan nu ngum- bara ngadon bubuara, lantaran mangsa harita nu djadi tunggul pajungna eta nagri landung kandunganana, laer aisanana, djembar sagarana. Sadjaba ti kakontjara gede bobot pangajonna, Dalem Na gara Tengah teh kawentarkeun katoweksaanana ka abdina ; eta sababna nu matak sapangeusi eta nagri pada ngarasa sugema ha- tena, senang teu aja karingrang, lantaran towong rampog, sepi paling. Katjaritakeun ka padusunan Nagara Tengah aja nu ngabuni- aga, tapi taja nu bisa nerangkeun ti mana asalna. Kitu deui kana ngaranna taja nu njahoeun, sabab djinisna mah teu daekeun nja- ritakeun. Tapi sanadjan ka djelema teu puguh bandjar karang pamidanganana, taja anu kumawani, malah pada ngadjenan, kawas geus baroga sangka jen eta nu ngumbara teh lain djalma djore- djore. Pantes pada mikaera oge, sabab dedeg-pangadegna — sam- pulur, 'kawas tedak menak, turunan ngaheujeuk dajeuh. Didjug djugan elmuna — guruaneun ; elmu lahir, elmu batin taja kape- tolanana, malah djadi patarosan, diparundjung tjara ka sesepuh, di- sarebutna oge „Adjengan” bae. Adjengan teh kagungan putra pameget hidji, juswana kira-kira 15 taun, Jogaswara djanenganana. Eta murangkalih ku ibu-ramana katjida dipikaasihna, kawantu putra ngan hidji-hidjina. Tapi sa nadjan banget dipikameumeut, Jogaswara henteu dipitumanan ngalentreng; isuk-isuk keneh ku ramana geus digugahkeun, di- tjandak ka sawah, sabab Adjengan teh tani damelna. Teu wudu oge kasebut tjukup ; sawahna aja opat-lima bauna, taluima aja dua-tilu luwukna. Tapi sanadjan dikeprik, Jogaswara kana gawe badag teh semu rada sungkan, malah mindeng ku ramana diwu- rukan sangkan tambah kasaregepanana. Hidji mangsa Jogaswara ku ramana ditjandak ka sawah, marik- sa pibuateun. Tetendjoan katjida matak waasna, turut-turot lembur makplak pasawahan lega, majakpak satungtung tendjo. Pareiia ruhruj ko- neng, ana katebak ku angin, siga sagara emas keur umpalan. Adjengan ngadeg dina galeng, pasemonna hegar marahmaj, se- mu bungah dina manah, ningali pakajana waluja. Pok andjeunna ngalahir ka putrana, saurna : ,,Udjang, geura tendjo ieu pare nu sakieu alusna ; ranggeujanana munggah marenod bawaning beurat ku eusi. Pikeun tukang tani mah moal aja kabungahan nu leuwih ti kieu ; nu matak sing getol digawe teh, ambeh seubeuh ngala buahna.” Jogaswara ngadangu kasauran ramana kitu teh semu teu milu bungah, piundjukna : „Da eta tjape matjul teh, nja panas, nja djareblog !” W alon ramana : „Hih, an Udjang, sagala pagawean oge aja ka- heseanana, tapi kumaha da djelema mah wadjibna digawe teh pi keun njiar kahirupanana. Mapan aja paribasa : lamun teu ngakal moal ngakeul, hartina lamun henteu daek digawe moal barang dahar.” - Jogaswara haturan deui : ,.Ah, upami aja deui pakasaban sanes mah, alim djadi bulu taneuh teh.” Saur Adjengan : „His, djadi bulu taneuh oge ari pinanggih djeung kasenanganana mah timbul alusna. Djeung poma Udjang ulah boga pikiran jen tani teh pagawean hina, sababna ku ama mah sagala pagawean geus karanapan : djeneng enggeus, dagang eng- geus, tapi kaberekatanana taja nu njaruaan kana tani ; gmming tjek babasan oge : nu dagang tinggal hutangna, nu djeneng tinggal adigungna, nu tani kai’i muktina.” Jogaswara henteu sasauran deui, kaburu kaget ngadangu ra- mana njarioskeun enggeus djeneng. Djeneng naon djeung di mana? Kapan ti saemut oge ramana teh tukang tani, tur teu atjan ingkah ka mana-mana. Ti harita Jogaswara ngageremet bae dina manahna, palaj uninga 6 kana rasiah ramana. Saenjana mah geus lila Jogaswara aja dina kaewuhan teh, dumeh panganggo ibu-ramana beda djeung adat- tabeatna batur salembur. Tukang tani nu sedjen mah tara njarek lamun anak-anakna ngaromong songong teh, tapi ari Adjengan mah, sakalieun putrana sasauran rada teugeug oge, sok ngawu- rukan, lahima : „Udjang, poma sing inget, sanadjan kasebutna ngan sakadar. anak patani, papatjuan ulah rek ngalalaworakeun kana tetekon katatakramaan, sabab turunan mah teu beunang di- bunian. Lir ibarat emas, sanadjan geus rumeuk oge, ari dikosok mah tangtu herang deui, lantaran moal robah sipat kaemasa- nana mah. Kitu deui lamun hajang nganjahokeun tulen-henteuna emas, geuning sok diudji heula, digosokkeun kana batu pangudjian, djadi salilana moal kabobodo. Di djelema cge nja kitu ; lamun rek niten hidji djelema turunan-lainna, diudji heula, nja eta ditilik tindak-rengkakna, tatabasana d’jeung ngomongna, sabab ieu sarat- sarat nu tilu rupa hese diturutanana, lamun dina dirina henteu njampak darahna.” Barudak sedjen mah ku kolotna sok diumbar sakarepna. Tapi Jogaswara mah selang-selang tina ngabantu di sawah teh sok di- wuruk matja djeung nulis. Djeung naha ka ramana teh loba teuing nu talumaros ; kawasna urang lembur eta mah, upama rek migawe hidji pagawean, henteu wani prak lamun teu dirempugan ku Adjengan teh. Paingan djadi patarosan oge, da Adjengan teh teuing ku loba kauningana. Waktu Jogaswara ngamimitian diwuruk nulis aksara Djavva, ramana njarios jen tjatjarakan nu keur diadjaikeun teh aja dongeng- na. Jogaswara katjida panasaraneunana, malah mindeng undjukan njuhunkeun dipangdongengkeun. Dina hidji mangsa, kabeneran Adjengan keur teu kagungan padamelan, Jogaswara disaur, lahirna : „Lamun Udjang hajang njaho dongengna tjatjarakan tea, heug dengekeun, ku ama rek ditjaritakeun.” II „Kira-kira geus aja sarebu lima ratus taunna ka tukang, sakuliah Pulo Djawa lelegana leuweung geledegan keneh, panjumputan sagala rupa sasatoan. Loba pisan alas banawasa anu atjan kasaba ku manusa, lantaran djaman harita mail saeutik keneh djelema. Nagara-nagara teu atjan loba, sumavvonna dajeuh-dajeuh nu rara- me tjara ajeuna mah meh euweuh. Katjaritakeun di wewengkon beulah kulon, aja sahidji nagara ; radjana kagungan putra pameget hidji, kakasihna Triti-usta. Ba- rang Pangeran Tritrusta geus sedeng rumadja putra, ku ramana dipasantrenkeun ka nagara Atas Angin, dipiwarang njipuh pa- nemu, ngujang luang, neangan kapinteran. Sanggeus tutug masantrenna- Pangeran Tritrusta mulih deui ka Pulo Djawa, njandak rentjang mangpirang-pirang, nu ngahadja naringgalkeun lemah tjaina, rek ngumbara ngadon ngabuniaga. Ku lantaran Pangeran Tritrusta katjida ngagungkeunana kana agama Saka (Buda), djenenganana oge dilandi djadi : Adji Saka, hartina radja nu ngadjungdjung agama Saka. Adji Saka henteu lila tjalikna di ramana, lantaran ngilari pinagaraeun, angkat ka djauhna. Bral andjeunna djeung sarentjangna, urang nagara Atas Angin tea, balajar mapaj basisir kaler, madju ngetan. Meunang sabulan di djalan, Adji Saka sumping ka muhara hidji walungan, tuluj kapalna balabuh, dumeh di palebah dinja aja tempat anu alus baris pinagaraeun. Tina luhur gunung katingali aja padataran lega, rata lir tjai talaga, ari pernahna rada anggang ti basisir. Sabagian rentjangna dipiwarang nungguan tjatjandakanana, nu sawareh deui ditjandak ngiring, rek ngungsi padataran pinagaraeun tea. Rentjang-rentjangna nu dikantunkeun di sisi basisir, dikapala- an ku gandekna kakasih, ngaran Ki Sembada. Samemeh djengkar Sang Adji nitipkeun pakarang kagunganana ka Ki Sembada, da- wuhanana : „Sembada, ieu ku maneh tjekelan pakarang kami nu geus kakontjara kamatihanana, pikeun ngadjaga diri maneh djeung babaturan, bisi pinanggih bantjang pakewuh. Tapi patjuan ulah rek dibikeun ka djalma sedjen kadjaba ti ka kami, sarta maneh 8 ulah ingkah satungtung kami teu atjan balik deui!” Ki Sembada tjedok njembah, nampanan pakarang nu dititipkeun tea sarta manehna djangdji sedja nohonan sadawuhan kalawan katiginan. ^ Bral Sang Adji angkat, djalanna tarahal pisan, wantuning njo- rang leuweung luwang-liwung. Tetela eta palataran teh alus la mun didjieunan nagara teh. Sadjabana tjurtjor tjaina, ongkolx bahe ngaler, ninggang kana tjatur-ranggana ngawangun nagara. Wantuning loba nu migawena, henteu sabaraha lilana